Sampurasun dulur-dulur? kumaha daramang? Alhamdulillah ari damang mah.
ayeuna sim kuring bade masihan elmu ngenaan Sajak
A. Harti jeung Watesan Sajak
Sajak nyaéta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu
teu pati kauger ku patokan-patokan, nu matak sok disebut ogé sajak bébas atawa
puisi modérn. Bébas didinya, tangtuna ogé rélatif. Upami dibandingkeun jeung
guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah leuwih bébas. Sajak
henteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal
padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan.
Sajak kauger ku diksi jeung wirahma (nu matak henteu
disebut wangun lancaran). Wirahma mangrupakeun ciri utama anu ngabédakeun wangun
ugeran jeung wangun lancaran. Wirahma karasa leuwih nonjol dina sajak, bisa
jadi lantaran uger-ugeran séjén saperti
nu aya dina pupuh teu dipaké.
B.
Unsur-Unsur
Sajak Sunda
Dumasar kana unsur-unsurna,
sajak diwangun ku sababaraha unsur, diantarana:
1. Imaji
(implengan) gambaran anu karasa, kadangu, jeung katénjo sanaos ngan ukur dina
bayangan.
2. Simbol,
nyaéta harti injeuman pikeun ngébréhkeun maksad eusi sajak.
3. Irama
atawa wirahma nyaéta panjang pondokna nada dina lagu.
4. Téma
nyaéta inti tangtungan atawa inti ageman
anu sipatna abstrak.
5. Gaya
basa dina sajak bisa kapangaruhan ku pangalaman atawa kasangtukang pangarang
sajak.
C. Kiat Nulis Sajak
Dihandap aya sababaraha perkara anu tiasa ku urang
diperhatikeun lamun badé nulis sajak:
1.
Milih
téma anu cocok
2.
Jembaran
kosakata basa sunda urang, sangkan kecap-kecap dina sajak téh beuki genah tur
merenah, bisa ogé ku cara loba maca caritasunda.
3.
Sing sering jeung leukeun maca sajak pikeun
nambihan pangaweruh ngeunaan sajak.
4.
Sering
latihan nulis sajak, beuki sering latihan, pasti bakal leuwih alus kualitas
sajakna.
Aya ogé cara anu bisa
dipilampah ku guru pikeun ngabina murid dina nulis sajak:
1. Guru
mawa murid ka luar kelas.
2. Di
luar kelas murid bisa nempo pemandangan dumasar kanyataan.
3. Guru
miwarang ka murid pikeun nuliskeun naon anu ditenjo jeung naon nu dirasa.
4. Guru
nyarita ka murid pikeun nulis sajak anu matok tina sagala anu ditenjo jeung
dirasakeun sakumaha kahayang murid.
D.
Maca Sajak anu
Bener
Dina kagiatan maca, neuleman, ngararasakeun, jeung ngajén
teks (aprésiasi) sajak téh kudu dipilampah kalawan daria, sabab ieu kagiatan
téh kawilang nu pangutamana, éta
kagiatan téh bisa dibagi deui jadi tilu rupa, nyaéta (1) ngaguar teori sastra,
(2) ngaguar éséy, jeung kritik sastra, sarta (3) ngaguar sajarah sastra.
Cara kahiji, nyaéta kagiatan nalungtik kumaha wangun
sajak, kumaha fungsina, jeung kamana pangalaman-pangalaman sastrawan nu
dideudeul ku rupa-rupa karya sastra nurutkeun pamanggih atawa analisis para
ahli teori sastra.
Cara kadua, nyaéta kagiatan ngaguar karangan-karangan
atawa esey anu aya patalina jeung karya satra (sajak), nu medar ngeunaan hade
jeung gorengna éta sajak.
Cara katilu, nyaéta kagiatan ngaguar kamekaran sastra
(sajak) ti mimiti gelar nepi ka kiwari, boh lobana karya sastra nu gelar, ajén
sastrana, boh tokoh nu kalibet dina kamekaranana.
Hal-hal anu perlu diperhatikeun sateuacan maca sajak,
diantarana:
1. NyurahanSajak
Pamaca sajak kudu bisa nyurahan (napsirkeun) eusi sajak saméméh
midang. Pamaca sajak kudu bisa ngahartikeun eusi sajak, atawa paling saeutik
kudu bisa ngararasakeun suasana, émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak.
Napsirkeun sajak bisa ku cara parafrase nyaéta ngarobah hiji puisi jadi prosa
ku cara nambahkeun kecap-kecap sorangan kana sajak nu nyababkeun sajak jadi
gampang dipikaharti. Atawa, ngahartikeun deui eusi sajak ku kecap jeung kalimah
sorangan.
Pamaca sajak
kudu eungeuh kana kecap-kecap konci dina hiji sajak. Upamana dina hiji sajak
aya kecap ceudeum, kulawu, berewit, késang, cimata, bisa ditangtukeun yén éta
sajak téh moal jauh ti nyaritakeun kasedih. Mun dina hiji sajak aya kecap
seuneu, ngagedur, peureup, beureum, bisa ditangtukeun yén eusi sajak téh
nyaritakeun sumanget atawa kaambek.
2. Lenyepan (Penghayatan)
Lenyepan
ditangtukeun pisan ku hasil tina nyurahan kana hiji sajak. Mun nyurahanana
kaliru, tangtu baé lenyepan dina maca sajakna ogé bakal kabawa salah. Upamana
baé, hiji sajak nu eusina nyaritakeun kasedih, der digalantangkeun bari ambek tipopolotot,
atawa sabalikna ti éta. Alhasil, pamaca sajak kudu bener-bener bisa
nyurahan heula hiji sajak saméméh magelaran.
Lenyepan ogé
kuat patalina jeung émosi. Hiji sajak kudu dibaca luyu jeung rasa atawa émosi
nu nyangkaruk dina hiji sajak. Takeran rasa kudu pas jeung eusi sajak. Mindeng
urang nyaksian pamaca sajak ngadon nyegruk, atawa ceurik balilihan.
3. Artikulasi
Artikulasi dina maja sajak nyaéta kajéntréan lebah ngucapkeun
hurup, kecap, atawa kalimah. Dina maca sajak aya nu disebut cacad artikulasi,
nyaéta, teu jelas dina ngucapkeun hurup lantaran létah si pamaca henteu nepi
kana wewengkon artikulasi.
Upamana dina ngucapkeun hurup M biwir kudu rapet,
jeung sajabana. Mun artikulasina teu jéntré, nu ngabandungan bakal jéngkél
jeung sajakna ogé bakal teu puguh kapirengna. Aya sawatara cara pikeun latihan
artikulasi, diantarana ngalapalkeun kalawan gancang kalimah-kalimah nu hésé,
upamana ; laeur mapay areuy, ban oplét opat, babu ibu abi.
4. Intonasi
Intonasi téh lagu kalimah atawa lentong. Intonasi dina maca
sajak ditangtukeun pisan ku sajakna. Intonasi karék bisa genah karasana lamun
pamaca sajak bisa nyurahan tur ngalenyepan eusi sajak. Réa pamaca sajak
nu ngaheulakeun lentong batan ngalenyepan sajak. Lentong mah bakal nuturkeun
mun pamaca sajak bener-bener geus ngajiwaan eusi sajakna.
5. Wirahma
Wirahma téh nyaéta turun-naékna, panjang-pondokna,
tarik alonna maca sajak. Nya wirahma pisan nu ngalantarankeun rasa
jeung pikiran dina sajak terus karasa ku audien, ngawangun imaji nu hirup tur
jéntré. Wirahma ngawujud tina tekenan-tekenan kana kecap. Aya nu disebut
tekenen dinamik; tekenen tarik jeung alonna ucapan.
Tekanan Nada:
luhur jeung handapna sora. Tekanan Tempo; gancang jeung ancana dina ngucapkeun
kalimah. Sing jadi catetan yén pamaca sajak téh kudu ati-ati dina ngagunakeun
témpo. Témpo kudu pas, ulah gancang teuing
boh anca pisan..
6. Randegan
Randegan atawa jéda téh nyaéta eureun sakedapan. Pamaca
sajak dina macana teu nurugtug kitu baé. Lian ti ngarandeg dina tanda-tanda
baca, atawa antara pada (bait) jeung pada, pamaca sajak ogé kudu ngarandeg
lebah kalimah-kalimah penting dina sajak, sangkan audien bisa ngalenyepan éta
kalimah penting. Randegan kieu téh digunakeun saperluna baé, sabab lamun
mindeng teuing mah bakal mangaruhan kana témpo.
7. Klimaks
Sajak anu bakal geunah kadanguna nyaéta sajak anu dibaca
atra jeung karasa klimaks atawa puncakna sarta pamaca bisa ngabina puncak. Nu
disebut ngapuncak téh nyaéta nahan émosi, nahan sora, nahan témpo, saméméh nepi
ka puncakna dina éta sajak.
Upama hiji
sajak diwangun ku opat pada, tur klimaksna aya di pada katilu, pamaca sajak
kudu bisa nahan émosi, témpo, sora dina pada kahiji. Dina pada kadua, émosi,
sora, témpo, mimiti ditingkatkeun. Dina pada katilu (puncakna téa), émosi, sora
jeung témpo dimaksimalkeun pisan. Dina pada kaopat minangka antiklimaks-na, émosi, sora jeung
témpo diturunkeun deui.
8. Pasemon
jeung Réngkak
Pasemon (mimik) tangtuna ogé diluyukeun jeung rasa nu nyangjaruk
dina sajak nu dibaca. Pasemon, ruak-riukna pamulu, gular-gilerna panon, ditangtukeun pisan ku jero déétna
panglenyepan kana sajak nu dibaca. Sedengkeun réngkak; usikna leungeun, meureup, ngacung,
gilek sirah, gejlig atawa léngkah, fungsina pikeun leuwih ngajéntrékeun naon maksudna eusi
sajak. Réngkak ogé kudu puguh maksudna. Réngkak nu réa usik, bisa jadi matak teu puguh
kana naon nu rék dijéntrékeun.
Tos ah sakitu we.
wassalamualaikum wr.wb.
sumber : http://sitinoviatiz.blogspot.co.id/2013/12/sajak-sunda.html